conto sajak sunda, ngamumule sunda gentengArgen



SALAH SAHIJI CARA URANG SUNDA NGAMUMULE KABUDAYAAN SUNDA NYAETA SALAH SAHIJINA NGAJAGI KABUDAYAAN
sajak mangrupa salah sahiji karya sastra anu teu ka iket ku aturan, sanajan kitu pas bade ngadamel sinareng maca atanapi ngahaleangkeunana kedah raos kana dadanguan, salah sawiosna nyaeta merhatikeun wirahma sinareng nu sanesna. Conto sajak sunda anu ku simkuring di tata di handap,, inget ka pungkur nuju sakola dasar(SD) simkuring ngadangu sajak anu jejerna Kaendaha, indung sareng jasa guru....janteun simkuring  di tata deui supados karya sastra sunda teu ka kubur ku karya sastra anu modern.
Keindahan Alam

CahyaPanonpoe
Nyaangan kana hate
Hiliwir angina tiis kana hate
Tatangkalan tinggarupay
Nambah endahna alam
Lemah cai negeri nu can ku polusi
Alam endah nu merenah
Ulah nepi ka punah
Ku urang kudu dipusti
Supaya tetep asri lestari

 JASA INDUNG
Salapan bulan kuring dikandung
Bra alam dunya dipapag kadeudeuh
Kanyaah indung ka kuring
Moal kaukur sanajan saluas bumi
Taya pituah anu endah salain ti indung

Taya ka deudeuh iwal ka deudeuh indung
Du’a jeung pangharepanna
Satia maturan renghap napas kuring

Indung, nu ngantre kuring kana kadewasaan
Mamag harepan
Jasa jeung pengorbanan anjeun moal bisa diganti ku saeusi dunya
Ridha Allah aya dina Ridha anjeun.
HATURNUHUN GURU
Hatur nuhun teu bisa kaukur kanggo anjeun
Hatur nuhun teu bisa kakira kanggo anjeun
Hatur nuhun sagede – gedena kanggo anjeun
Hatur nuhun sakali deui anjeun guru.

Anjeun atos masihan jalan nuju kahirupan anu mendingan kanggo abdi
Anjeun masihan pitulung, sa teu acan abdi mentakeun nana….
Anjeun sapertos cahya dina poekna jalan hirup abdi ….
Anjeun sapertos tetesan embun isuk anu paling endah …..

Hatur nuhun guru
Diri anjeun moal pernah bisa abdi pohokeun
Jasa anjeun pasti langgeng di sapanjang jalan

Hirup abdi, nuhun pisan guru !...

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "conto sajak sunda, ngamumule sunda gentengArgen"